BUKU BASA SUNDA KELAS X (10), XI (11), XII (12)

Buku Siswa Basa Sunda Kelas X (10), XI (11), XII (12) Kurikulum 2013


Admin akan berbagi Buku Siswa Basa Sunda Kelas X (10), XI (11), XII (12) Kurikulum 2013 yang juga dapat dipergunakan sebagai bahan ajar pada kurikulum program sekolah penggerak sebelum diterbitkannya buku Basa Sunda versi sekolah penggerak. Buku ini tentu sangat penting dimiliki oleh para guru pengajar Basa Sunda maupun siswa yang sedang belajar basa Sunda. Dalam kurikulum 2013 maupun dalam Kurikulum PSP, basa Sunda merupakan muatan lokal daerah yang penuh dengan kearifan lokal. 


Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas X (10), XI (11), XII (12) Kurikulum 2013 tiasa ngawujud, enggoning nyaosan impleméntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

 

Hasil garapan tim panyusun téh aya dua rupi buku nyaéta buku murid Basa Sunda SMA MA SMK Kelas X (10) Kurikulum 2013 sareng buku guru Basa Sunda SMA MA SMK Kelas X (10) Kurikulum 2013 éta téh mangrupa bagian tina pakét Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daérah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanés mung buku wungkul bagian éta Permendikbud téh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

 

Ku medalna ieu Buku Siswa Basa Sunda Kelas X (10), XI (11), XII (12) Kurikulum 2013, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daérah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tétéla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagéan (performance; behavior). Singgetna mah éta unsur anu tilu téh bisa disebut kompeténsi.

 

Kalungguhan guru dina posisi agén parobahan utama enggoning ngaimpleméntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotésis basajan, saupami guru kagungan kompeténsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gé kalebet guru basa daérah deuih, tinangtos éta kurikulum bakal tiasa diimpleméntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompeténsi guru téh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarékah anu kedah kénging pangajén.

 

Link download Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas X (10) Kurikulum 2013 (disini)

Link download Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas XI (11) Kurikulum 2013 (disini)

Link download Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas XII (12) Kurikulum 2013 (disini)

 

Disklaimer: Buku Siswa Basa Sunda Kelas X (10), XI (11), XII (12) Kurikulum 2013. Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.



= Baca Juga =



No comments

Maaf, Komentar yang disertai Link Aktif akan terhapus oleh sistem

Theme images by andynwt. Powered by Blogger.